Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan ngala nangka murag ka walungan--

“Aduh aing mah, kalah murag ka walungan. Palid deuh cilaka,” gorowokna bari tuturubun turun tina tangkal nangka. 

Belaan nyorosotkeun maneh da hayang gancang.

Cle ninjak taneuh, Kabayan tuturubun muru sisi walungan. Ngudag nangka nu memang.

Orokaya sabab cai walungan keur rada badag jeung tarik, eta nangka ge palidna gancang.

Ku Kabayan teu kaudag. Sabab kalah nengah eta nangka teh.

“Cilaka aing mah. Lapur nangkana ge. Alamat ngadat deui yeuh mitoha,” Kabayan ngomong ka sorangan bari hanjat ti walungan.

Rada lila Kabayan ngajentul sisi walungan mikiran alesan ka mitohana.

Teu lila salaki Nyi Teung teh nyengir. Meunang bahan keur ngajawab mun ditanya ku mitohana.

Kabayan laju ngingkig balik ti kebon muru ka imahna.

Jog ka imah Abah geus nyampak di teras. Sihoreng keur nungguan.

Ningali Kabayan lengoh teu mawa nangka, Abah ngarasa heran. 

Pokna the,”Eta geuning geus mulang. Ari nangkana mana Kabayan?”

Kabayan teu waka nembalan. Kalacat unggah kana teras. Gek diuk dina teras bari nyanghunjarkeun sukuna.

“Naon naroskeun nangka Abah,” ceuk Kabayan.

“Heueuh nangka. Naha lengoh?” pok Abah deui.

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: