Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan ngala nangka murag ka walungan--

“Har, manawi the tos dugi nangka teh ka bumi,” ceuk Kabayan.

“Geus nepi kumaha? Memangna dititipkeun ka saha kitu?” Abah nalek deui bari kerung.

“Euweuh nu mawa nangka k adieu. Abah ti tadi di teras nungguan maneh Kabayan,” pindo Abah.

“Sanes dititipkeun. Tadi pas diala nangka nerejel nya teras ngagajleng ka walungan. Malidkeun maneh,” ceuk Kabayan.

“Ari maneh lain dicokot atuh!” Abah nyentak tarik.

“Eh sanes diantep, puguh abdi gura-giru mulang. Nyusul puguh,” ceuk Kabayan.

“Nyusul kumaha maneh teh. Pan murag link a walungan?” seleksek Abah bari beuki keuheul ningali galagak teu bener.

“Muhun abdi nyusul. Manawi teh tos dugi si nangka. Pedah wae tos kolot,” ceuk Kabayan deui nyalse pisan ngajawabna.

“Teu ngarti aing mah!” sentak Abah.

“Pan nagka tos kolot Abah, tadina diantep palid teh sugan rek mulang sorangan. Piraku we kolot-kolot-teu hideng,” pok Kabayan teu euleum-euleum.

Abah molotot ngadenge ucapan minantuna.

“Silaing mah dasar borokokok. Ka dewek the nganggap naon!” sengor Abah bari ngajengkat ka jero imah.

Kabayan ukur seuri wae ningali mitoha kitu teh.

 

 

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: