Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit

Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit

Dongeng Kabayan ngala tutut salah satu cerita lucu dari tatar Sunda.--

Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit 

RADARTASIK.COM - Kabayan hiji isuk dititah ku Abah Nolednad, mitohana, sangkan ngala tutut ka sawah.

Bari kukuliatan sabab masih tunduh keneh, Kabayan indit ka sawah. Teu poho setelan pangsi hideung jeung sarung nyangsang dina taktak. 

Leungeun kencana Kabayan ngajingjing ember eusi ayakan leutik. Ke ngala tututna disair ku ayakan terus diwadahan kana eta ember.  

Dasar Kabayan pangedulan anjog ka sawah lain tuluy ancrub. Kalah ngajentul cingogo sisi galeng.

BACA JUGA:Tol Getaci Terkoneksi Tol Cilacap – Yogyakarta Dimana?

Heuay we merelek da puguh tunduh wae bawaan ngedul tea.

“Ah aing mah tariris kieu kudu ancrub ka sawah. Ke nungguan geus mocorong panon poe,” Kabayan ngomong sorangan.

Leungeunna ngarayap kana saku kampret hideungna. Kusial ngaluarkeun rokok satengah batang. Sesa udud peuting memeh sare.

Roko satengah batang dihurungkeun ku paneker. Pelenyun wae Kabayan udud meni ngeunaheun katenjona.

BACA JUGA:Tol dan Pesawat Solusi Perjalanan Tasik-Jakarta Bebas dari Jalur ‘Horor’ Tanjakan Gentong

Panon poe geus moncorong, Kabayan anger cimunuk dina galengan. “Betaheun kieu dewek, hanjakal teu mawa cikopi,” gerenyemna ka dirina sorangan.

Lila-lila cangkeul, Kabayan nangtung. Ngareret ka lebah saung nu aya di etas sawah.

Seuri ipis Kabayan siga nu manggih kabungah. “Tah, sare deui heula di saung. Gampang ngala tutut mah,” omongna bari leumpang muru saung.

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: