Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan ngala nangka murag ka walungan--

“Aduh euweuh batur euy. Nangka teh gede-gede teuing atuh maneh nya,” pokna Kabayan ngomong sorangan.

“Aing mah euy, rek barang ala hese kieu. Ieu nangka kumaha mun murag ka walungan. Palid hese nyokotna,” pokna deui.

Kabayan lahlahan antukna mah.

BACA JUGA:Wow Ternyata Avatar Pertama di Indonesia “Si Unyil’, Ini Penjelasannya!

Terekel naekan eta tangkal nangka.

Terus mapay dahan nu aya nangka gede tur geus asak tea. Leungeunna muntang kana dahan nu aya luhureunna.

Kabayan nepi ka lebah eta nangka nu asak tea. Hiliwir seungit nangka asak.

“Aduh meni seungit kieu, pantesna amis ieu nangka,” ceuk Kabayan bari terus ugal-ugil muihkeun eta buah nangka meh coplok tina dahanna.

BACA JUGA:RESMI Samsung Exynos Auto V920 Perkuat Sistem Hiburan Hyundai

Lumayan rada lila muihkeunna. Maklum atuda nangkana gede terus posisi memang hese.

Kabayan kusabab posisina teu laluasa, lumayan cangkeuleun muih-muihkeun eta nangka.

Pas nangka coplok tina dahanna Kabayan kawalahan. Tanagana leuseuh. Atuh eta nangka lesot.

Gujubar eta nangka teh ragrag ka sisi walungan.

BACA JUGA:4 Titik Macet Rute Perjalanan Tasik–Jakarta via Jalur Darat, Termasuk Jalur ‘Horor’ Tanjakan Gentong

Kabayan ngajenghok reuwas.

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: