Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan

Kabayan ngala nangka murag ka walungan--

Kabayan Ngala Nangka, Gujubar Nangkana Murag ka Walungan 

 

RADARTASIK.COM - Kabayan hiji poe dititah deui ku Abah mitohana ngala nangka di kebon.

Kabeneran kebonna sisi walungan. 

“Kabayan, ala nangka. Kamari ku Abah geus aya nu kaangseu seungi anu rada ngaroyom dahanna ka walungan,” Abah nitah Kabayan.

“Muhun Abah,” jawab Kabayan bari jung nangtung terus ngingkig indit ka kebon bari nyoren bedog.

Sapanjang lumaku ka kebon Kabayan ngahariring ngawih. Hatena keur bangbrang. Dongen Kabayan lainna bisa di klik di dieu.

BACA JUGA:Ngeri Banget! 3000 Massa Akan Kepung Mahad Al Zaytun Indramayu, Walau Aksi Damai

Anjog ka kebon manehna terus muru kana tangkal nangka sisi walungan. Pas ningali ka walungan caina keur lumayan gede jeung Tarik palidna.

“Aduh nyaan aya nu geus kolot jeung asak nangka teh. Jaba gede deuih,” ceuk Kabayan ngagerentes dina hatena.

Tangkal nangka sisi walungan eta teu jangkung teuing. Dahanna aya nu rada ngarah ka walungan.

Tah nangka nu gede jeung asak aya dina eta dahan.

BACA JUGA:ANEH! 1.781 CPPPK 2022 Mengundurkan Diri, Begini Alasan dan Sanksi Ganti Ruginya

Kabayan rada mikir pikeun ngala eta nangka. Lumayan rada hese mun dial aku sorangan da gede nangkana.

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: