Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit

Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit

Dongeng Kabayan ngala tutut salah satu cerita lucu dari tatar Sunda.--

“Ari sia ngaheureuyan wae ka mitoha teh. Nganggap aing boloho?” Abah nyentak.

“Abah mah teu percaya, eta the tandana ieu sawah jero!” tembal Kabayan teu euleum-euleum.

Abah nyerenteng ka Kabayan. Langsung ngajewang leungeun minantu, terus dikusrukeun ka sawah.

Kabayan teu nyangkaeun mitohana rek kitu. Atuh gujubar wae awakna ka sawah.

“Aduuuuh….. eeeee da deet!” gorowok Kabayan bari seuri.

Abah bati kekerot ningali polah minantuna. Langsung ngingkig mulang ka imah bari ngagorowok.

“Awas mun teu balik mawa tutut siah!”

 

 

 

 

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: