Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit

Dongeng Kabayan Ngala Tutut, Kalah Cimunuk Sieun ku Kalangkang Langit

Dongeng Kabayan ngala tutut salah satu cerita lucu dari tatar Sunda.--

Barang srog, Abah ngajenghok sabab ember jeung ayakan leutin masih beresih. Kosong euweuh tutut hiji oge.

Ningali ka sawah oge caina herang. Teu aya tapak ngapruk.

“Kacida si borokokok! Dititah teh sok malaweung,” Abah ngomong sorangan.

Panon Abah ngulincer neangan minantunya. 

Pas ka saung, kaciri aya nu keur ngarengkol diharudum sarung.

“Astaghfirullah, nya pohara pisan si borokokok. Kalah molor di saung. Kabayaaaan!” gorowok Abah ambek.

Kabayan ngadenge sora mitohana, reuwas. Korejat hudang.

“Euleuh Abah naha nyusul?” kecap Kabayan baru gigisik kana panonna.

“Nya heueuh nyusul. Maneh ditungguan euweuh jebul. Kalah molor di saung!” sentak Abah.

Kabayan nyampeurkeun ka mitohana. Bari mikir alesan ka mitohana.

“Kunaon geuning tutut can diala. Ember masih kosong?” Abah ngadongsok nanya.

“Muhun teu acan Abah. Caina masih jero keneh. Sieun ancrubna,” jawab Kabayan.

“Ari maneh ngomong naon. Cai jero kumaha deuleu. Sawah deet kieu!” tempas Abah.

“Ih Abah mah teu percaya. Tuh tingali langitna ge kaciri kitu, pan jero pisan eta,” ceuk Kabayan bari nunjuk kana kalangkang langit di jero cai sawah.

Abah kekerot ambek ka minantuna.

Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News

Sumber: